
Majalah bulanan, kungsi ogé jadi tengah bulanan. Medal ku alpukahna CV Langensari, Bandung. Dikokolakeun ku T.S. Subary, dirédaksian ku Patah Nataprawira, R.M. Atmamiharja, Caraka, S.M.E. Permana, jeung Sunarya P.K.. Eusina leuwih ngutamakeun hiburan. Salah sahiji pangarang anu réa ngamuatkeun carpon dina ieu majalah nyaéta Caraka.
Majalah Langensari leuwih ngutamakeun hiburan, utamana ngamuat carpon jeung carnyam, disagédéngeun ngamuat sajak jeung dangding. Muka lolongkrang pikeun para pangarang ngora alam harita, diantarana Min Resmana jeung Rahmat M. Sas. Karana. Mimiti medal taun 1962. Eureun medal taun 1968.
Loba pangarang Sunda nu tuluy jadi pangarang moyan sabada karyana midang dina ieu majalah. Sababaraha buku petingan nu midang munggaran dina ieu majalah, di antarana karya-karya Caraka nu judulna "Sripanggung jeung Menak Baheula". Lian ti Caraka, Min Resmana ogé maneuh nyieun dongéng Si Kabayan dina unggal édisi, nu eusina nyindiran kahirupan masarakat dina mangsa harita, nu tuluy dikumpulkeun dina buku nu dijudulan "Si Kabayan Tapa".